Minggu, 24 Juni 2012


Teu Saeutik Nu Parebut Kauntungan Reujeung Kadudukan

           
Ku Apih Libra,
Teu karaos ari waktos teu kaciri datangna wanci teu sakara-kara, Patepang deui sareng sim kuring saaleutan wantara, Anu ngalangkungan seratan. Sampurasun ka sadayana kanca mitra Warta Nusantara.
            Patepang teh alatan senang norojol teh bawaan ku sono, Tatamba ngalamun nangkeup tuur tamba ngobrol paadu renyom, jeung tibatan loba pacengkadan, hayu urang tepung paham, kaleresan sim kuring nu sudi ku harti suda ku pangabisa bahasana oge saaya-aya, pikeun jalma mah di wajibkeun elmu kudu di tungtut sumawona dunya kedah di siar.
            Urang teangan kamaslahatan bekel di dunya raub di akherat,  asa teu alus mun seug urang silih sigeung silih banting ku aturan anggursi nyiptakeun kumaha carana di alam ieu pang-pangna di kampung urang sepi maling lowong rampog, atuh pikeun hirup di alam langgeng lianti pepelakan tea salelebet ning urang hirup. Mun seug urang tiasa miara letah ulah ngucapkeun lampah salah, tada teuing bagjana di alam jaga.
            Mantakan dina sajeroning lalampahan ulah rek ka bobodo ka samaran  tinggal kedah prak laksanakeun nyungsi diri miara lampah. Sedengkeun mangsa kiwari mah mun seug urang teu kiat nahan amarah teu mampu ngabendung hawa nafsu asa balatak kamaksiatan reujeung kamadoratan, bahasa loba rupana tingkah oge seueur laguna, ngan tinggal urangna tiasa milih misahkeunnana, ulah cubak-cabak sakira matak bareuh, ulah sok tamarakan sakirana matak weureu!!!!
            Anu janten guru sing tekun ngajarkeun didikanana, anu janten panegak hukum kudu lulus bunglus nerapkeunana, anu janten rahayat kedah tiasa ngamangfaatkeun aturanana, sigana kapendak eta repeh rapih teh, cindeukna mah kedah surti ngajining diri ngumpana ka papada manusa gesan pieunteungeun pala putra urang anu masih keneh ngabutuhkeun ajaran atikan didikan.
            Ti sim kuring, piwejang nu kirang senang carios nu matak gondok, hampura sateuacan pamitan, pamugi teu janten bendu kana manah, ulah janten nyungkelit kana peujit.
Hapunten anu di suhun ti sakulawargi Warta Nusantara, haturan wilujeung kantun pateupang deui di bagian anu ka-16. Permios  

Tidak ada komentar:

Posting Komentar