Jumat, 25 Mei 2012

WASPADA PERMANA TINGGAL CARITA KI DALANG


WASPADA PERMANA TINGGAL CARITA KI DALANG

 
Ku Apih Libra

Torojol deui sampurasuuuun!!! Kanca mitra dina edisi ka 13 sim kuring sagebrulan Warta Nusantara, patepang alatan senang teu porot-porot ku kasono, silaturahmi ngalangkungan seratan.
Wakca tipayun nyanggakeun sewu bebendu laksa duduka, neda agung cukup luhur, jembar hampura anu di teda, mugi-mugi pamiarsa anu mararaca lebar manah, urang medar deui pamanggih di sajeroning lalampahan, sidik di ieu dunya teh, aya dua papasangan. Poek caang, beurang peuting, darat laut, awewe lalaki, salah jeung bener, halal aya haram.
Tinggal urang milih misah mana anu kedah di gugu sareng di tiru pikeun nyalametkeun diri anu gunana kasalametan dunya rawah akherat nu sakinten manfaat tur maslahat geura prak pigawe teu lepat wakca ki dalang!!! WASPADA PERMANA TINGGAL!!! Dumasar kana perkara dua papasangan, da ari Alloh gaduh dua wadah, nu lepat aya wadahna nu leres gaduh kandangna.
Sedengkeun wanci kiwari teu saalit nyobi diri ma’lum jaman modern pajar keun teh! Eta lalampahan nu teu wajar karandapan teu dicacah di menak, teu santri teu kiai, asa nongtorogan ngalanggar aturan geura we!!! Nu ngaletak rejeki haram!!! Anu nyokcrok bo’ol!!! Asa gumede merekedene, ari linyok jeung bohong mah sigana tos ngabudaya, naha moal janten bebendon engkena?? Sidik urang bakal jadi urusan sareng anu Maha Kawasa nu ngagaduhan murbeng alam.
Unggelna ieu lampah urang teh tetela kedah nyungsi ning diri ti kiwari, singkahan lampah nu salah, jauhan laku teu junun, mere maweh kahadean, kasasana pada jalma. Pangpangna mah urang sami-sami babakti ka gusti pikeun geusan pang balikan.
Sim kuring saabringan Media Warta Nusantara ngahaturkeun wilujeng kantun patepang deui dina edisi ka 14.
Permioooos!!!

Tidak ada komentar:

Posting Komentar