Jumat, 13 Juli 2012


Ulah Sok Ngimpi Ngadahar Roti
Mending Oge Ngadahar Sampeu Reujeung Kanyataan 

(Ku Apih Libra)

            Dumasar kana pamanggih dirasa-rasa the asa unggal kampung, unggal desa, unggal wewengkon, anu parebut kauntungan ku jalan anu teu wajar, kantenan eta mah tos norojol anggaran ti Pamarentah maniti hot-hat, ari di sidik-sidik geuningan ti luluhur para pangaggung keneh manika pebeulit.
            Punten heula ah !!! kapamiarsa teu acan sampurasun, yeuh ti sim kuring sabonoroyotan Warta Nusantara, wilujeung tepang neda sihapunten moal kantos lami deui urang bade nedunan kawajiban umat islam patepangna sasih Romadhon, hapunten nu suhun hampura anu di teda nyanggakeun sagalaningkalepatan sim kuring sakula warga Warta Nusantara.
Urang lajengkeun deui tina pamendak sinarengkarandapan ku sim kuring, anu unggalna mah ulah sok sarakah marebutkeun rizki nu teu wajar, contona wae eta anggaran keur umat-umatna, anu disebut Dana Abadi Umat di Kementrian Agama di bandunganana the asa pabeulit, nu di tetelakeun triliunan rupiah dugika kiwariteu eureun-eureun silih gugat, meureun teu adil tea nya ? anu di tetelakeun pikeun gaji 50%, pikeun program 50%, penginten eta anu janten sesekelan teh.
Anyar-anyar ieu eta Lembaga KPK tea ngawangun gedung keur kepentingan sarerea, dugika kiwari asa teu mikirkeun para pangagung teh ! anu welasan tur asihan milu-milu ngarojong the jalma-jalma leutik we, ti mimiti tukang ojek dugi kapadagan kaki lima rela tur ridho nyambungkeun rebehnapikeun ngawaangun.
Naha ari ti kalanganYudikatif, Legislatif, sareng Eksekutif. Eleh keneh ku budak bolon keneh, contohna deui aya budak sakola masih di SD kelas 2 di Bandung eta tabungan ana rela disumbangkeun ka KPK. Hapunten sim kuring medar ieu pamanggih sanes iri dengki da ieu maheces tur jentre aya di kieuna carita sanes di rekayasa.
Poma wae anu nyepeng aturan agama ulah daek di damel tameng sareng perisai ulah ngeunaan ibarat buah kadongdong di luar limit di lebet pajurawet,
 Urang tungtut leungit keun niat nu ujub ria jeung takabur, urang milarian mah jalan kamaslahatan.
Nutup catur mungkas carita ti sim kuring saparakanca Warta Nusantara, wilujeung kantun patepang deui di bagean anuka 17.Wassalam                                             

Tidak ada komentar:

Posting Komentar